Rabu, 07 Agustus 2013

KHUTBAH ‘IEDUL FITRI 1434 H./2013 M



ISTIQOMAH DINA IBADAH JENG BERTAUHID KA DZAT AL-WAHID

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الله أكبر ٩ x , الله أكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة وأصيلا. الحمد لله الذي جعل هذا اليوم فرحة وبَـهْجَةً وسُرُورًا للمؤمنين الصائمين. أشهد أن لااله الاالله القوي المتين، وأشهد أن محمدا عبده ورسوله اَلْمُحِبُّ للفقراء والمساكين. اللهم صل وسلم وبارك على سيدنا وحبيبنا محمد خاتمِ الأنبياء والمرسلين، وعلى آله وصحبه الفائز ين والمجاهدين لإقامة الدين. أما بعد. فأيها الحاضرون أوصي نفسي واياكم بتقوى الله فقد فاز المتقون.
أعوذ بالله من الشيطان، الرجيم بسم الله الرحمن الرحيم، فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا فِطْرَةَ اللهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللهِ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ. صدق الله العظيم.
Hadirin rohima kumulloh....
Puji sinareng syukur urang panjatkeun kapayuneun Alloh robbul izzati anu dina dinten ieu Anjeunna parantos masihan kabungah ka jalmi-jalmi mu’min anu parantos ngalaksanakeun puasa dina bulan Romadlon anu suci. Lisshoimi farhatani, farhatun indal iftori wafarhatun inda liqoallohi ta’ala Sholawat miwah salam mudah-mudahan dilungsurkeun salamina kapanutan ‘alam anu janteun panungtungan para Nabi sareng para Rosul. Buktosna Muhammad SAW Oge ka Kulawargina ka para Sahabatna anu berjuang dina jalan Alloh pikeun kuat jeung nyebarna ajaran Agama Islam dimuka bumi, supaya suci tur bersih tina kama’shiatan, kamunkaran, kakupuran jeung kamusyrikan.
Hadrin rohimakumuloh....
Dina dinten ieu umat muslim sadunia ngaguruh maracaken takbir, tahmid jeung tahlil anu di barengan ku ngagungken, muji, jeung syukuran ka Alloh anu didasari ku ka imanan anu kuat.
Takbir teh mangrupikeun kalimah anu dicawiskeun pikeun ngagungkeun Alloh, ngagungken dzat anu pantes jeung sakuduna diagungkeun, ku macakeun takbir hiji hamba berarti ngakukeun kagagahan jeung ka agungan Alloh, nekadkeun yen saestuna Anjenna wungkul Dzat anu kashifatan ku shifat kasampurnaan, kagagahan jeung kagindingan. Tina hal eta atuh kudu diyaqinkeun jeung dijiwakeun yen sakabeh makhluk (jin atawa manusa , raja atawa penguasa, jéger atawa jawara) eta kabeh leutik jeung hina, lemah jeung teu boga daya dibandingkeun jeung akbarna Alloh SWT.
Allohu Akbar 3x…
Hadirin rohimakumulloh....
Lamun urang geus ngayaqinkeun jeung ngajiwakeun kana kaagungan Alloh, tangtuna gema takbir nu jadi tanda kemenangan, ieu teh lain sakadar panghias jeung pangrame-rame poe ieu wungkul, tapi langkung ti kitu, tiasa nyadarkeun jeung ngahudangkeun hate urang, sangkan leuwih berani jeung leuwih optimis, berani dina nanjeurkeun bebeneran nolak kabatilan semangat dina ngajalankeun tugas ti pangeran. maka jalma anu ngajiwakeun kaagungan Alloh mah bakal jadi pribadi anu konsisten, tegesna istiqomah ngajalankeun kakuduan dina setiap waktu anu karandapan, bari akur jeung aturan anu dijelaskeun ku Alloh dina Al-Qur’an, tegesna ngajadi manusa anu sampurna kaimanannana, anu moal ngarasa sieun nyanghareupan pikahareupeun jeung moal prihatin ku anu geus karandapan, oge bakal dibubungah ku surga tempat kani’matan, sakumaha anu dijelaskeun ku Alloh dina suroh Fus-shilaat, ayat 30;
إِنَّ الَّذِينَ قَالُوا رَبُّنَا اللهُ ثُمَّ اسْتَقَامُوا تَتَنَزَّلُ عَلَيْهِمُ الْمَلَائِكَةُ أَلَّا تَخَافُوا وَلَا تَحْزَنُوا وَأَبْشِرُوا بِالْجَنَّةِ الَّتِي كُنْتُمْ تُوعَدُونَ
Hartosna :
Saestuna jalma-jalma anu nyebutkeun: “pangeran abdi sadaya teh Alloh”, tuluy maranehna tetep istiqomah, tanwande malaikat turun ka maranehna (pokna): “salira ulah ngaraos sieun sareng ulah nalangsa, sarta mugi salira suka-bungah ku sawarga anu kantos dijanjikeun.

لااله الاالله والله أكبر الله أكبر ولله الحمد
Hadirin rohimakumulloh....
Iedul fitri teh ngagaduhan hartos balik kana kafitrahan, fitrah anu dimaksad nyaeta; "الدين القيّم" (agama islam) tegesna hukum-hukum syara, aturan-aturan Alloh jeung Rosulna pikeun kamaslahatan manusa didunia jeung diakherat, Rahmatan lil’alamin sakumaha di unggelkeun ku Alloh dina dawuhannana, suroh Ar-rum ayat 30;
 
فَأَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّينِ حَنِيفًا فِطْرَتَ اللهِ الَّتِي فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَا لَا تَبْدِيلَ لِخَلْقِ اللهِ ذَلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ وَلَكِنَّ أَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُونَ
Hartosna :
“Nya geura sanghareupkeun diri maneh kalawan lempeng kana eta agama dadamelan Alloh anu Anjeunna ngadamel manusa saluyu jeung eta agama, Teu aya anu pahili dina damelan Alloh, eta agama teh agama anu lempeng, tapi kalolobaan nana manusa henteu nyarahoeun”.

Hadirin rohimakumulloh...
Kulantaran fitrah manusa teh netepan dina agama islam, maka manusa anu diciptakeun kalawan akalna anu sampurna ngabogaan fitrah/potensi pikeun apal jeng bertauhid ka Alloh, tegesna nekadkeun dibareungan ku kayakinan anu pasti yen teu aya deui pangeran (dzat anu nyiptakeun alam samesta) anging Alloh, sakabeh anu diangap pangeran salianti Alloh eta kabeh euweuh jeung lain pangeran anu sabenerna, jeung teu aya anu haq di ibadah anging Alloh, maka sakabeh makhluk wajib ibadah ka Alloh, sakumaha dawuhan nana, surat Ad-dzariyat ayat 56;
 وَمَا خَلَقْتُ الْجِنَّ وَالْإِنْسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ
Hartosna :
“Jeung teu aya anu haq dita’ati parentah jeung laranganana anging Alloh, maka sakabeh makhluk wajib ta’at ka Alloh, jeung teu aya anu jadi tujuan ku amal-amalan anging karidloan Alloh, kusabab kitu, jalma anu teu bertauhid ka Alloh tegesna jalma-jalma kafir, musyrikin jeung munafikin, eta kabeh kaluar tina fitrah kamanusaanana.

Hadirin rohimakumulloh..
Fitrah manusa bisa dihartikeun deui ku “patuh” kana parentah Alloh ngajauhan larangannana, tegesna fitrah manusa mah eta aya dina jalur anu saluyu jeung katangtuan ti Alloh, turut kana sagala parentah-Na, kayaning sholat, zakat, puasa, jeung ngajauhan sagala larangannana, anapon dina buktina loba jalma anu nyimpang tina kakuduannana, maka eta balukar tina tunduk kana pangajak nafsu jeung syetan anu ngajauhkeun dirina tina fitrahna sorangan, ku margi kitu atuh iedul fitri nu ieu, sing janten momentum pikeun ngembalikeun deui lampah urang sadaya kana fitrahna masing-masing, tegesna jalan anu sapagodos jeung pituduh pangeran sangkan urang janten masyarakat anu tarakwa ka Alloh SWT, supados ngengingkeun kabarokahan jeung salamet tina saksian, sakumaha tos di janjiken ku Alloh dina suroh Al-A’rof ayat 96;
وَلَوْ أَنَّ أَهْلَ الْقُرَى آمَنُوا وَاتَّقَوْا لَفَتَحْنَا عَلَيْهِمْ بَرَكَاتٍ مِنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ وَلَكِنْ كَذَّبُوا فَأَخَذْنَاهُمْ بِمَا كَانُوا يَكْسِبُونَ
 Hartosna :
“Cacakan pangeusi eta nagri ariman sarta takwa, tanwande kami maparin kurnia ka maranehna rupa-rupa berkah ti langit jeung bumi, tapi maranehna ngabohongkeun. Nya kami nibankeun siksaan ka maranehna alatan saniskara nu geus diusahakeun ku maranehna”.

Allohu Akbar…
Hadirin rohimakumulloh.....
Diantawis fitrah manusa nyaeta; Tenang hate mun ker ta’at, teu betah hate mun ker ngalakonan ma’siyat, sabab pitrah manusa eta cicing saluyu jeung bebeneran, atuh lamun dina hate malah betah mun keur gawe ma’siyat, ngarasa tenang tinggal sholat, jongjon teu mayar zakat, wani nganyenyeri indung bapa, puas milaraan ka baraya jeung tatangga, jeung teu sieun milampah kagorengan anu sejenna, eta tandaning geus terlempar tina kapitrahanana, langkung ti eta kafitrahan teh ngadorong kana badan, kana letah jeung kana hate pikeun selalu berdzikir ka Alloh.
jeung fitrah bisa dijabarkeun deui ku ngadegkeun ka’adilan jang para paminpin, ngajalankeun amar ma’ruf nahyil munkar pikeun anu boga kakawasaan, Ngeureuyeuh ngaji dina memahami agama pikeun generasi muda, keur para pelajar, Teu eureun-eureun dina ngajak kana jalan Alloh, semangat dina mere nashehat jeung ngawurukan masyarakat, ngalatih anak turunan supaya biasa ibadah ka gusti anu maha suci, jeung ngurus umat bisi tisoledat kana ma’siyat jeung tigebrus kana kakufuran, tugas ieu kangge para ulama jeung para pupuhu agama.

Hadrin rohimakumulloh....
Kafitrahan teh mangrupakeun hal anu universal jeung kompleks, dina hartos satiap jalma ngabogaan fitrahna masing-masing, sesuai jeung kedudukan jeung kaayaan pribadina masing-masing, masyarakat gaduh fitrah sebagai masyarakat, panguasa, pejabat negara, ‘ulama kabeh boga fitrahna sewang-sewangan, tegesna ngabogaan haq diri ti batur jeung kawajiban diri kabatur, kulantaran hal eta, atuh tetela nu disebat balik kana fitrah teh taya lian kujalan balik kana tugas jeung jati diri sewang-sewangan sakumaha anu geus di gariskeun ku pangeran.
sakumaha dina katerangan diunggelkeun;

لَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ لَبِسَ الْجَدِيْدَ، إِنَّمَا الْعِيْدُ لِمَنْ طَاعَتُهُ تَزِيْدُ، لَيْسَ الْعِيْدُ لِمَنْ تَجَمَّلَ بِاللِّبَاسِ وَالرُّكُوْبِ، إِنَّمَا الْعِيْدُ لِمَنْ غُفِرَتْ لَهُ الذُّنُوْبُ

Lebaran lain kusabab baju anyar, pakaian anyar atawa sagala anyar, sabab saestuna ‘id eta nambahan katoatan, ‘id lain paginding-ginding tapi ‘id anu sabenerna nyaeta ngalakukeun amal anu eta amal jadi wasilah dihampurana dosa nu ngancik dina diri.
Mudah-mudahan urang sadayana dijantenkeun jalmi-jalmi anu baralik kana kasucian (minal ‘aidziin) jeung jalmi-jalmi anu baragja dunia akherat (wal faiziin).





اللَّهُ أَكْبَرُ 7X   لا إِلَهَ إِلا اللَّهُ، وَاللَّهُ أَكْبَرُ  اللَّهُ أَكْبَرُ وَلِلَّهِ الْحَمْدُ”.
الْحَمْدُ للهِ غَافِرِ الذُّنُوْبِ، وَكَاشِفِ الْكُرُوْبِ، وَسَاتِرِ الْعُيُوْبِ، وَقَابِلِ التَّوْبِ، أَحْمَدُهُ وَأَشْكُرُهُ وَأَسْتَغْفِرُهُ، وَاَشْهَدُ أنْ لَا إلَهَ إلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ عَلَّامُ الْغُيُوْبِ، وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّداً صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، وَصَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ، صَلَاةً دَائِمَةً عَدَدَ مَا خَلَقَ اللهُ، تُنْجِي قَائِلَهَا مِنْ كُلِّ مَرْهُوْبْ، وَتُنِيْلُهُ بِهَا كُلَّ مَحْبُوْبٍ وَمَرْغُوْبْ، وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا وَتَعْظِيْمًا أَبَدًا دَائِماً .أما بعد: أوصِيْكُمْ وَإِيَّايَ بِتَقْوَاللهِ وَطَاعَتِهِ وَتمَسَّكُوْا بِدِيْنِهِ وَشَرِيْعَتِهِ فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ. قال الله تعالى في كتابه الكريم: وَلَقَدْ كَرَّمْنَا بَنِي آدَمَ وَحَمَلْنَاهُمْ فِي الْبَرِّ وَالْبَحْرِ وَرَزَقْنَاهُمْ مِنَ الطَّيِّبَاتِ وَفَضَّلْنَاهُمْ عَلَى كَثِيرٍ مِمَّنْ خَلَقْنَا تَفْضِيلًا
اللهم اغفِرْ لِلْمُسْلِمينَ وَالمْسُلْماتِ والمؤمنينَ والمؤمناتِ وَاَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنِهِمْ وَأَلِّفْ بَيْنَ قُلُوبِهِمْ وَاجْعَلْ قُلُوْبَهُمْ عَلَى قُلُوبِ خِيَارِهِمْ اللهُمَّ اغْفِرْ لاَحْيَائِنَا وَأَمْوَاتِنَا وَألِّفْ بَيْنَ قُلُوبِنَا وَاَصْلِحْ ذَاتَ بَيْنِنَا وَاْجعَلْ قُلُوبَنَا عَلى قُلوُبِ خِيَارِناَ رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا وَلِإِخْوَانِنَا الَّذِينَ سَبَقُونَا بِالْإِيمَانِ وَلَا تَجْعَلْ فِي قُلُوبِنَا غِلًّا لِلَّذِينَ آَمَنُوا رَبَّنَا إِنَّكَ رَءُوفٌ رَحِيم رَبَّنَا اغْفِرْ لَنَا ذُنُوبَنَا وَإِسْرَافَنَا فِي أَمْرِنَا وَثَبِّتْ أَقْدَامَنَا وَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِين
اللهمَّ انْصُرْ جُيُوسَ المُسْلِمِيْنَ وَعَسَاكِرَ المُوَحِّدِيْنَ وَدَمِّرْ أَعْدَاءَكَ أَعْدَاءَ الدِّينِ وَأَعْلِ كَلِمَتَكَ إلي يَوْمِ الدِّينِ اللهُمَّ انْصُرْ دُعَاتَنَا وَعُلَمَائنَاَ المَظْلوُمِيْنَ تَحْتَ وَطْأَةِ الظالِمِين وَفِتْنَةِ الفَاسِقِينَ وَحِقْدِ الحَاقِدِيْنَ وَبُغْضِ الحَاسِدِين وَخِيَانَةِ المُنَافِقِيْنَ
رَبَّنَا إِنَّنَا سَمِعْنَا مُنَادِيًا يُنَادِي لِلْإِيمَانِ أَنْ آَمِنُوا بِرَبِّكُمْ فَآَمَنَّا رَبَّنَا فَاغْفِرْ لَنَا ذُنُوبَنَا وَكَفِّرْ عَنَّا سَيِّئَاتِنَا وَتَوَفَّنَا مَعَ رَبَّنَا هَبْ لَنَا مِنْ أَزْوَاجِنَا وَذُرِّيَّاتِنَا قُرَّةَ أَعْيُنٍ وَاجْعَلْنَا لِلْمُتَّقِينَ إِمَامًا . رَبَّنَا آَتِنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً وَهَيِّئْ لَنَا مِنْ أَمْرِنَا رَشَدًا . رَبَّنَا لَا تُؤَاخِذْنَا إِنْ نَسِينَا أَوْ أَخْطَأْنَا رَبَّنَا وَلَا تَحْمِلْ عَلَيْنَا إِصْرًا كَمَا حَمَلْتَهُ عَلَى الَّذِينَ مِنْ قَبْلِنَا رَبَّنَا وَلَا تُحَمِّلْنَا مَا لَا طَاقَةَ لَنَا بِهِ وَاعْفُ عَنَّا وَاغْفِرْ لَنَا وَارْحَمْنَا أَنْتَ مَوْلَانَا فَانْصُرْنَا عَلَى الْقَوْمِ الْكَافِرِينَ
رَبَّنَا لَا تُزِغْ قُلُوبَنَا بَعْدَ إِذْ هَدَيْتَنَا وَهَبْ لَنَا مِنْ لَدُنْكَ رَحْمَةً إِنَّكَ أَنْتَ الْوَهَّابُ  رَبَّنَا إِنَّكَ جَامِعُ النَّاسِ لِيَوْمٍ لَا رَيْبَ فِيهِ إِنَّ اللَّهَ لَا يُخْلِفُ الْمِيعَادَ رَبَّنَا آَتِنَا فِي الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِي الْآَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ وَصَلِّ اللَّهُمَّ عَلي خَيْرِ خَلْقِكَ وَأَفْضَلِ نَبِيِّكَ مُحَمَّدٍ وَعَلي آلِهِ وَصَحْبِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا وَالْحَمْدُ لِلهِ رَبِّ العَالمَينَ